Cibodas Cibeureum Cipaganti
Ramena lir Kota gede
Baju bodas beureum ati
Seragamna murd SD
Muncang asak keur diala
Da lumayan keur samara
Mun rek indit ka sakola
Biasa sasarap heula
Puncak gedang juru tujuh
Pacampur jeung daun pala
Isuk hudang subuh-subuh
Tuluy indit ka sakola
Ti soreang ka jati gede
Nutur-nutur jalan baru
Urang teh kudu rancage
Tuturken piwuruk guru
Mun panen rek nyieun cara
Gamelan jeung tarawangsa
Mun senen rek upacara
Keur ngandelan cinta bangsa
Neangan daun hampelas
Nu aya ngan daun tisuk
Nu bagean piket kelas
Kudu datang isuk isuk
Gedebong jeung tangkal dangdeur
Daun waregu jeung salam
Ciri budak anu bageur
Ka Guru ngucapken salam
Campedak jeung kai dangdeur
Ayana di tengah leuweung
Budang nakal jeung badeur
Keur di ajar sok malaweung
Tumpak sado ka sumeunep
Jalana ka raja desa
Kahade geus kelas genep
Urang nincak ges dewasa
Japati hiber ngalayang
Eunteup dina tangkal jati
Urang sing gede kahayang
Enggoning nyiar pangarti
Tos ah sakitu panginten cekap, margi panangan abina tos pegel. Hehehe

Posting Komentar untuk "PANTUN SISINDIRAN BASA SUNDA"